Berikut ini lirik lagu EMKA 9 - Ka'asih Indung
Indung, lembur, panineungan
Wasilah, mata munggaran
Alam nyanggap papasangan
Tangtu nu jadi ukuran
Ngampar leumah jajalanan..
Lampah hirup dilakonan
Ka'asih Indung marengan
Samping jangkung
Gelung jucung
Awak rengkung di sebakeun
Sesa umur di anteurkeun...
Ngaguru ku kabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh meutuk jajampean
Ajeg lampah dilakonan
Leumah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas Ajaran tibeurang
Ngaguru ka poe peuting....
Sasuci ku cai ibun
Pahing geutih pahang tulang
Ayun ambing, ayun ambing
Ajeg tangtung, hirup nanjung...
Samping kebat gogoleran
Endah rema gugupayan
Sapanjang Indung maruengan
Ajeg lampah kamulya'an
Leumah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas Ajaran tibeurang
Ngaguru ka poe peuting....
Sasuci ku cai ibun
Pahing geutih pahang tulang
Ayun ambing, ayun ambing
Ajeg tangtung, hirup nanjung...
Link Download Lagu EMKA9 - Kaasih Indung : Klik Disini !
Terima kasih telah berkunjung ke blog kecil ini, semoga bermanfaat :)
Koko keren ih
BalasHapusHehe nuhun cit :D
Hapussae kang
BalasHapusmuhun, hatur nuhun kang aka :)
Hapusnuhun pisan kang
BalasHapussanes lebay kang nguping lagu ieu nyuurucud cisoca
Bener pisan lurr...komo kuring mah nuju berjuang di nagri batur
HapusBener pisan lurr...komo kuring mah nuju berjuang di nagri batur
Hapusduh.. nuju ngumbara di mana kang penjelajah dunia ?
HapusMeni ngadalingding kanu hate
BalasHapushehe muhun kang.. waas pisan yeuh laguna, mantaf lah bupati Purwakarta teh hehe
HapusSok sanaos simkuring sanes urg purwakarta tp simkuring bangga ku karya seni ieu, salut kanggo kang haji dedi .. asli nyurucud cai panon
BalasHapusBisa minta tolong diterjemahkan ke bahasa indonesia gak aa?
BalasHapusSubhanallah..karya alm ki asep ti giri harja 3 ay dina gawe nyatana kang dedi... yen ngahadirkun ALLAH swt ay dina sakuriling diri urang..anu di sebat IQRA ieu meun nya hartosna..subhanallah haturnuhu ka para sepuh nu teu weleh msihan panerangan yen timana dimana rek kmana urang teh tos jelas pisan.haturnuhun abi wargi luragung gunungkarung kuningan.
BalasHapusSubhanallah..karya alm ki asep ti giri harja 3 ay dina gawe nyatana kang dedi... yen ngahadirkun ALLAH swt ay dina sakuriling diri urang..anu di sebat IQRA ieu meun nya hartosna..subhanallah haturnuhu ka para sepuh nu teu weleh msihan panerangan yen timana dimana rek kmana urang teh tos jelas pisan.haturnuhun abi wargi luragung gunungkarung kuningan.
BalasHapuslagu ini siapa penciptanya kang? punten.
BalasHapusKang dedi mulyadi
HapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapuspami anu nyanyi na teh saha kang anu istri na teh anu sok sareng kang dedi ??
BalasHapusLamun henteu lepat mah Teh Eca saur Na. Punten bilih lepat
BalasHapusTranslet kan ke bahasa indonesia dong kk
BalasHapusSampurasun , meni sae pisan basa sunda nu matak kata2na ngajantenkeun pisan kedah ku heman na, nyurucud cai panon.
BalasHapusDuh endah pisan kekecapanna
BalasHapusSae pisan
BalasHapusSae pisan
BalasHapus๐ญhatur nuhun.. lirikna kacida nyeredet hate ngelingan urang sadaya ka indung bapak.. abdi tos teu aya sepuh mah ukur bisa ngintun doa.. Mugi nu masi aya indung bpk sing di mumulekeun ka kolot.
BalasHapusTerjemahan bahasa Indonesia dong
BalasHapus๐๐
BalasHapus